Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
150
 

Geus lulun (sic!) deui jeung mecut,
Dewi Soja seug ngagitik,
Leng Dén putri ngoloyong.

8.

Hanteu lami Nyi putri ras deui lulun,
Sami pada mundur keri (sic!),
Jeung pada susumbar angrut,
Carék Sang Ratu Manjeti,
Jeung ngejat mah anggur maot.


9.

Carék Ahmad kami gé nya kitu,
Manéh mun dangong ka nyingkir,
Kawilang éra kalangkung,
Sabab putra perbumi,
Kontol manéh dina tonggong.

10.

Dewi Soja dikitukeun rada imut,
Nyebutkeun kontol ka istri,
Taha (sic!) manéh éta musuh,
Hanjakal teuing lalaki,
Boro kasép sarta jago.

11.

Kurang awas naha manéh téh linglung,
Bet gajah disebut munding,
Bener nya pisang nya cau,
Bener ayeu diri kami,
Papada maké teregos.

12.

Coba pikir ku manéh téh geura teguh,
Saéna téh ieu kami,
Rahadén Ahmad ngawangsul,
Ka kami tacan kaharti,
Coba laan baé teregos.

13.

Sang Manjeti nambalang deui ka musuh,
Perkawis teregos kami,