Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
151
 

Moal dibukakeun tangtu,
Ku manéh seug baé pikir,
Da manéh téh kapan jago.

14.

Lamun bisa manéh téh nyebutkeun tangtu,
Tangtu perjurit lineuwih,
Tangtu manéh anu unggul,
Tangtuna rumasa kami,
Ku manéh bakal kawon.


15.

Mun teu meunang paneguh manéh tangtu,
Percumah jadi perjurit,
Coba enggeus manéh tangtu,
Rasakeun pangbales kami,
Gondewa kami sing ténjo.

16.

Si dadali mun dilepas enggeus tangtu,
Teges beuheung enggeus pasti,
Nugel jangga enggeus tangtu,
Coba geura teguh kami,
Sebutkeun iyeu taros.

17.

Radén Ahmad kocana seug nyebut musuh,
Éta manéh ratu ejin,
Nu matak dibuder kitu,
Korét ku beungeut ka kami,
Mata manéh téh bolotot.

18.

Kaduana éta irung manéh sumpung,
Sakitu panyepuh kami,
Sang ratu Manjeti,
Nyaur mun kitu manéh pangarti,
Kajaba mun olo-olo.

19.

Dirangkepkeun pantar manéh téh sapuluh,
Radén Ahmad ngerik pikir,