Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
152
 

Kapalang kami nya hurip,
Sakiyeu teu meunang jurit,
Lain babar aing maot.

20.

Pecut kilat ditarik deui maju,
Kitu deui raja putri,
Susumbar supaya ngamuk,
Jeung narik cameti rukmin,
Bukbek sili // babuk séwot.   (78)


21.

Sami pada takludira barang abus,
Lut-lat sami pada pati,
Saunggara perang pupuh,
Pecut kilat lawan rukmin,
Sami sili bebet awon.

22.

Kaleresan duwanana pada rubuh,
Rahadén Ahmad teu éling,
Raja putri ngajulupung,
Sami kasorén jurit,
Barang ras sami ngagoloyong.

23.

Énggal gugah sami gugah pada teguh,
Dewi Soja top cameti,
Éh rasakeun manéh musuh,
Tahan senjata dadali,
Geus tinangtu manéh maot.

24.

Geura tungkul ka langit tanggah ping pitu,
Sasambat ka kandang wargi,
Ka jalma-jalma ping pitu,
Barang dék lepas jamparing,
Kabujeng nu misah geus jol.

25.

Umar Maya tambak yuda sela muyung (?),
Panghulu nagri Manjeti,