Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/152

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
153
 

Bunga emas mangké ayu,
Alun-alun mangga éling,
Iyeu urang rék papagon.

26.

Musuh Enéng mun meneran ceuk dina buk,
Carék duplikat Manjeti,
Jaganing pagéto tangtu,
Raya totondvn Manjeti,
Pun kastuba enggeus potong.


27.

Tangtu baé bakal boga raka punjul,
Nu jadi lantaran jurit,
Éta musuh taya tangtu,
Enggeus mowal salah deui,
Enggeus tangtu ka pijodo.

28.

Samalahan dina buk enggeus disebut,
Jenengna carogé Nyai,
Radén Ahmad putra Jemur,
Lamun teu salah jeung jinis,
Putra raja Sam karaton.

29.

Radén Ahmad ngadangu rumpuyuk piyuk,
Bari munjungan sakali,
Nangis barina jeung nyaur,
Nun uwa sumuhun kuring,
Sasambat leres yaktos.

30.

Tuwang putra ras tepang jeung karuhun,
Umar Maya seug ngagalih,
Lakadalah kuma kitu,
Hanteu salah uwa Nyai,
Geura aku baé kabogoh.

31.

Dewi Soja gancang ngabukakeun cindung,
Barang rét peuneunteung (sic!) putri,