Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
154
 

Bari imut ngagelenyu,
Jiga widadari lalahir,
Dewata ténjoing karaton.

32.

Pinareupna diguley saeutik ayu,
Jiga-jiga cengkir koning,
Teu lami deui di lungkup,
Ngilangkeun karinget putrid,
Bakating hareudang angot.


33.

Radén Ahmad hookeun liwat langkung,
Ningali putri Manjeti,
Nyaur // payuneun panghulu,       (79)
Uwa teu nyana sim kuring,
Ratu Manjeti wadon.

34.

Lamu nyata istri keur perang pupuh,
Putra méh kantenan miris,
Miris ku duwa ku tilu,
Saperkawis eujeung istri,
Éra diadu jeung wadon.

35.

Duwana mowal enya aya napsu,
Anggur taluk baé abdi,
Tibatan kuring téh pupuh,
Anggur taluk baé abdi,
Kunu manis atir gulo (?).

XXIV. Dangdanggula

1.

// Umar Maya panghulu Manjeti,     (79)
Seug ngandika ka Sang Dewi Soja,
Cing ayeuna Nyai katon,
Ka akangna geura munjung,
Menggeus ulah perang jurit,
Dén Ahmad geura akuran,