Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/154

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
155
 

Dewi Soja matur,
Nuhun pariksa jeung uwa,
Seja ngiring tapi aya saperkawis,
Dinu kasép Radén Ahmad.

2.

Suka ogé manggah jisim abdi,
Naming itu biheung teu sika,
Panghulu Marmaya walon,
Mun teu purun Gan Ayu,
Jeung uwa lawanna jurit,
Da uwa ogé asalna,
Ruruntuk kumendur,
Baheula di nagri Mekah,
Dipercaya ku ménak Baginda Amir,
Senapati ing laga.

3.

Coba Radén Ahmad geura muni (?),
Mun teu bogoh ka nu mohér,
Sakitu nya gandang nyempelu,
Turug-turug putra nabi,
Tur keur geulis jadi raja,
Bodo mun teu purun,
Jeung parawan lain randa,
Weuteuh kénéh sampayan minyak Manjeti,
Kakuping ku Dewi Soja.

4.

Seug diteunggeul uwa gurit,
Wus ari uwa ku sok ngéwa,
Bet kawas nu dagang baé,
Nawarkeun téh dirurusuh,
Dihanteum dibingbing,
Abong kabarang ridangan,
Teu payu saminggu,
Wayahna jamlang awak,