Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
156
 

Moal buruk diingkeun sataun deui,
Radén Marmaya ngagakgak.

5.

Radén Ahmad seug mabur ka putri,
Aduh gusti Engkang unjuk tinggal,
Supados gusti waspaos,
Pikir angkang anu tangtu,
Diangken raka ku nyai,
Asup kana paribasa,
Kagunturan madu,
Nya bagja diri engkang,
Taya deui diri pikeun ngaupami,
Tegas kasinugeurahan.

6.

Panjang pisan lamun digurit,
Lampah engkang nu kuperhatina (?),
Kitu deui engkang baé,
Dipayun tangtos // kaunjuk,     (80)
Ayeuna mah diri kuring,
Lamun enya gusti kersa,
Mangga geura aku,
Radén Dewi Ayu Soja,
Barang nguping saur Ahmad anu sidik,
Cedok nyembah jeung munjungan.

7.

Lami neda pangampura deui,
Urut musuh perang baratayuda,
Geus pada taya swios,
Gancangna Nyi dewi nyaur,
Mangga atuh engkang linggih,
Ka jero padamelan,
Uwa mangga atuh,
Umarmaya matut mangga,
Gancang baé ieu carita digurit,