Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
157
 

Geus manggut ka padamelan.

8.

Umarmaya Ahmad sareng putri,
Enggeus pada linggih di pamengkang,
Paman mantra sakabéh,
Pada rawuh kaliwat langkung,
Ramé omongan paa jin,
Ayeuna téh gusti urang,
Gaduh raka punjul,
Enggeus nepi ka mangsana,
Tepung duriat sukur teuing raja putri,
Geus gaduh tampa carita.

9.

Hanteu lami suguh geus bukti,
Para ejin pasang katuangan,
Dina meja geus ngabérés,
Bubuhan geus ngaliyud,
Teu lami waktuna deui,
Dék barang tuang sadaya,
Bari gunem catur,
Nyarios lalakon Ahmad,
Ti awalna dumugi tepi ka ahir,
Tungtuna pisan jeung raja.

10.

Umarmaya ngilu ngerik,
Gancang baé dililipur manah,
Kajeun da bakal pangantén,
Marmaya bari dikenu (sic),
Dikenu (sic) beureum jeung nyorén,
Bari imut cara Uwa Jaya,
Kiyai Panghulu,
Barina muka catetan,
Sajarahna surat raka Nyi Manjeti,
Hikayatna ahéng pisan.