Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
17
 

Na keur naon Nyai Randa,
Asa kirang pantes baé,
Bet istri ngukut titiran,
Mending anggur kukut hayam,
Coba galeuhkeun saratus,
Tangtu rendey aranakan.

9.

Soré hiji isuk hiji,
Upama lamun didahar,
Tangtu moal téréh séép,
Moal weléh aranakan,
Tah kitu ngukut hayam mah,
Ari mungguh ngukut // manuk,   (11)
Jadi wungkul kalangenan.

10.

Coba Manahan ku Nyai,
Mangga Engkang geura jawab,
Gancang matur Nyi Randa,
Nun sumuhun leres pisan,
Kahartos éta piwejang,
Ana mung perkawis manuk,
Sim kuring hatur uninga.

11.

Sanes gaduh jisim kuring,
Éta téh manuk pun anak,
Ayeuna keur malasantren,
Nu gaduh Ahmad Muhamad,
Manuk titilar ramana,
Asal manukna kapungkur,
Manuk bantun ti nagri Sam.

12.

Kawantu titular mayit,
Tegesna manuk warisan,
Nangkoda gancang ngawalon,
Gampil teuing ah éta mah,