Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18
 

 
Béjakeun baé yén leupas,
Kajeun kurungna mah kantun,
Manukna anu dibawa.

13.

Kakang téh kaliwat saking,
Perkara haregana mah,
Mowal nya dimomoré,
Bakating bogoh kacida,
Kop tah lima ratus dirham,
Nyi Randa alon ngawaler,
Nun ajengan naran pisan.

14.

Ki Nangkoda undak deui,
Kana dua ratus dirham,
Nyai Randa weléh baé,
Kapikir ku Ki Nangkoda,
Tangtu tacan ningal harga,
Jeung teu milik éta manuk,
Sabaraha baé ditebak.

15.

Jeung nyaur jeroning galih,
Tangtu manuk maunatan,
Ki Nangkoda beuki antek,
Seug undak sarebu dirham,
Henteu mikeun baé randa,
Nyai Randa alon nyaur,
Kieu baé ayeuna mah.

16.

Muga ulah bendu galih,
Menggah di lebah ajengan,
Najan sarébu dirham gé,
Masih langkung uang ajengan,
Ana mung perkawis manuk,
Pendekna mowal dijual.

17.

Lain teu butuh ku ringgit,