Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
19
 

Sieun ka siku ku anak,
Kitu pikir anu bodo,
Asup kana paribasa,
Taya tinimbanganana,
Dibobot moal kajungjung,
Mungguh nu nyaah ka anak. //

18.

Ajengan langkung tingali,     (12)
Muga ulah jadi manah,
Sakitu hatur kuring téh,
Kakuping ku Ki Nangkoda,
Sakalangkung handeueulna,
Undakna ogé punjul,
Da henteu niyat dijual.

19.

Ari dek bendu nya galih,
Kumaha da geus dipegat,
Manahna langkung garéték,
Piker kumaha petana,
Pikeun tatambaanana,
Ari manah beuki maju,
Imut deui ka pandita.

20.

Nangkoda miamis kopi,
Manah bendu teu katara,
Nangkoda seug matur alon,
Punteun atuh Nyai Randa,
Ari perkawis manuk mah,
Ari geus henteu kahatur,
Lain milik diri engkang.

21.

Engkang téh ayeuna amit,
Nyai Randa matur mangga,
Énggal Ki Nangkoda mios,
Henteu mulih ka bumina,