Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20
 

Henteu kocap di jalanna,
Taya sanés nu dijug-jug,
Ngabujeng bumi pandita.

22.

Ki nangkoda enggeus sumping,
Geus tepang seug sasalaman,
Nya éta jeung pandita téh,
Pandita gancang haturan,
Kumaha rayi petana,
Anu yaktos éta manuk,
Buktina reujeung impian.

23.

Ki Nangkoda hatur tadim,
Sumuhun pertéla pisan,
Henteu béda reujeung ngimpén,
Tapi weléh henteu beunang,
Ku rayi téh diririhan,
Harga dumugi ka rébu,
Basana moal dijual.

24.

Sakalangkung diri rayi,
Jeung atuh kuma petana,
Sangkan kamilik manuk téh,
Teu nyaah dunya barana,
Akang téh ulah kapalang,
Rayi beuki wuwuh ngangluh,
Lamun teupi ka beunangna.

25.

Panadarna tuang rayi,
Jeung atuh kuma petana,
Rék ayeuna rék engké gé,
Kumaha ayeuna kersa,
Mangka dua rébu dirham,
Pandita // ngalenyap kalbu,   (13)
Nguping dua rébu dirham.