Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
21
 
26.

Pandita teu gancang lahir,
Ayeuna ganti aturan,
Geus tinangtu beunang baé,
Pun kakang téh sanggup pisan,
Perkara éta Nyi Randa,
Ayeuna terapan duyung,
Teyangan baé Nyi Randa.

27.

Jalana ngalamar Sari,
Geus tangtu eta Nyi Randa,
Nangkoda imut ngawalon,
Ngiring sakersa kakang,
Sanajan dijieun garwa,
Da puguh randa teu wudu,
Teu kapalang hadé rupa.

28.

Anak hiji keur gumeulis,
Gancangna ieu carita,
Nangkoda jeung pandita téh,
Nangkoda gancang disokat,
Ku Pandita disiriman,
Niyat pandita disipuh,
Ku cai suka sikat.

29.

Supaya nerpana sihir,
Ku Pandita diapikan,
Ngawuruk ka Nangkoda téh,
Ku sabab imut pangupah,
Ringgit dua puluh dirham,
Ngalokatna enggeus putus,
Lir nonoman keur meujeuhna.

IV. Sinom

1.

Pandita seug ngawurukan,
Ka éta Nangkoda Habsi,