Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
162
 

Enggeus ngawaliyan nyingkir,
Ti dinya sor Radén Ahmad,
Mun dilapalan kawin,
Umarmaya seug ngalahir,
Ipekahna heula agus,
Gancangna nyi ratu ajrak,
Ngaran Dewi Kuraesin,
Nulung uwang satelan buwat ipekah.


6.

Carék Kuraesin ajrak,
Mangga uwa geura tampi,
Iyeu ipekah Dén Ahmad,
Umarmaya hanteu nampi,
Ku uwa moal ditampi,
Tanggel kénéh kana cukup,
Ari picukupeunana,
Kudu duwa talen deui,
Dewi Soja ngupingkeun kurang ipekah.

7.

Dewi Soja ngankap uwang,
Satalen enggeus sayagi,
Disanggakeun ka Marmaya,
Wiranjanu nulung deui,
Satelam ngiring Manjeti,
Geus tilu talem ngariyung,
Mangga uwa geura candak,
Geus tilu talem sayagi,
Umarmaya gogodeg acan narima.

8.

Masih kurang kénéh ipekah,
// kurang opat talem deui,       (83)
Ngaharuleung sadayana,
Ipekah mahal-mahal teuing,