Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/162

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
163
 

Kapan memang duwa ringgit,
Teu opat ratus punjul,
Dina talem reyena,
Saratus lima puluh pasti,
Kuraesin seug nulung deui permata (sic).

9.

Iyeu mah mirah berliyan,
Sakulak lobana pasti,
Upami ditanding harga,
Duwa tilu rébu lewih,
Mangga uwa geura tampi,
Asup ipekah sakitu,
Ari raos kop putra mah,
Ieu leuwih tujuh baki,
Umarmaya gogodeg bari ngandika.

10.

Éta perkawis peryana (?),
Hanteu asup kaperduwit,
Misti kurang kénéh opat,
Marmaya kaidek pati,
Antukna Dewi Manjeti,
Sareng Kuraesin bingung,
Ngupingkeun alim Marmaya,
Ipekah kalobaan teuing,
Dewi Soja matur deui ka Marmaya.

11.

Uwa ulah lila-lila,
Sakitu baé seug tampi,
Umarmaya seug ngandika,
Nya éta ka putri Manjeti,
Pendekna mah iyeu nyai,
Haying baé geura lulus,
Geura tambahan ipekah,
Masing ninggang tujuh baki,