Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
164
 

Kitu deui perkawis Dén Ahmad.

12.

Hayang geura dirapalan,
Geura buktikeun sang gasik,
Nu tujuh talem ayeuna,
Radén Ahmad enggeus nguping,
Lingsemna kaliwat saking,
Enggal baé baki opat,
Enggalna ratu Manjeti,
Nyadak baki opat geus sok payun Ahmad.

13.

Énggal Raden Ahmad ngusap,
Kana pipi tilu kali,
Geus burudul uang emas,
Anggeus pinuh opat baki,
Kaget sang ratu Manjeti,
Kuraesin Wiranjanu,
Hookeun ninggali Ahmad,
Saumur kakara manggih,
Aya baham ngisingna uang emas.

14.

Dén Umarmaya ngagakgak,
Gumujeung ku suka galih,
Carék Raja Wiranjana,
Mangga Ua Geurit Wesi,
Rehing ayeuna bukti,
Tujuh baki sapamundut,
Mantak enggalkeun rapalan,
Umarmaya ngalahir deui,
Kiyeu heulanan tacan jejeg ceuk uwa mah.

15.

Perkawis Radén Ahmad,
Karék pat baki nu bukti,
// tilu baki deui jejegan,   (84)
Bener éta tujuh baki,