Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/164

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
165
 

Tapi nu tilu mah lain,
Éta mah hokum panundung,
Teu kasup kana bilangan,
Kudu tilu baki deui,
Nu sakitu uwangna kudu ti Ahmad.

16.

Pada ngauleung sadaya,
Ku Dewi Soja kapikir,
Iyeu Umarmaya ngarah kauntungan badis (?),
Jeung dicandak Radén putri,
Tilu baki geus dibantun,
Reujeung permata dicandak,
Kantun uwang duwa baki,
Nu sawareh disimpen ku Dewi Soja,
Umarmaya seug ngandika.

17.

Éta amah lima baki,
Ku nyi raja seug dicandak,
Dewi Soja seug ngalahir,
Iyeu anu lima baki,
Ku kuring moal kahatur,
Bet untung uwa sorangan,
Hésé capé mah sim kuring,
Ari ipekah duwa baki ogé cekap.

18.

Upami uwa teu kersa,
Nampi ipekah duwa baki,
Kuring dék kawin ka Ajrak,
Di Ajrak ge loba hakim,
Da moal burung katampi,
Duwa baki tangtu lulus,
Ngorejat Marmaya jawab,
Ulah kitu Enéng putri,
Tujuh baki geus dipasrahkeun ka uwa.