Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/165

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
166
 
19.

Candak deui nyai geuwat,
Keun urang luluskeun kawin,
Dewi Soja seug ngandika,
Moal kahaturkeun deui,
Kersa baé duwa baki,
Sumangga uwa bantun,
Upama uwa teu kersa,
Éta rék dibantun deui,
Ari kawin rék ngadon baé ka Ajrak.

20.

Panghulu Marmaya geuwat,
Nyandak uwang dua baki,
Siyeun ku Sang Dewi Soja,
Bisina dicandak deui,
Marmaya imut ngalahir,
Seug tambahan bae tilu,
Carek Dewi Soja mahal,
Uwa moal tambah deui,
Kersa sukur henteu kajeun henteu susah.

21.

Carék panghulu Marmaya,
Si Bekok téh pinter teuing,
Atuh aing kaliwatan,
Duwa ogé kajeun teuing,
Pék baé Radén raspati,
Di rapalan ku panghulu,
Kadituna teu kocap,
Carios dibujeung gasik,
Dur mariyem salametan anu nikah.

XXVI. ASMARANDANA

1.

// Sanggeus putus Dén Raspati,     (85)
Sor deui sang Wiranjanu,
Nikah ka sari téh,