Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/169

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
170
 

Geus pada bubar marangkat,
Umarmaya lajeung mundur,
Jeung merekan (?) piring emas.

15.

Reup peuting geus beurang deui,
Kuraesin Wiranjana,
Sami haturan rék mios,
Aceuk kuring rék mulang,
Ayeuna rék salametan,
Nyi Mayang baris dibantun,
Kuraesin kitu pisan.

16.

Amit mulan ti Manjeti,
Dewi Soja matur mangga,
Ngan aceuk sing mindeng baé,
Kuraesin anggeus mangkat,
Teu lami deui waktuna,
Jeungkar sareng Wiranjanu,
Ngan sakilat pada dongkap.

17.

Mangga Dewi Kuraesin,
Anggeus sumping ka Jabal kap,
Sareng Wiranjanu geus jol,
Sumping ka pulo salaka,
Angge pada pangantenan,
Kocap deui anu dipungkur,
Dewi Soja Radén Ahmad.

18.

Sami pada maja sari,
Maja amis sari ngeunah,
Silokaning palajutan,
Juta alem pala uyah,
Upama asem jeung uyah,
Pangsét haseum pada uruy,
Jadi sarua uruyna.