Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
171
 
19.

Mustika panda da giri,
Punjaran sami punjaran,
Nembé sami pada nembé,
Haruman gunung haruman,
Eusina kampaan emas,
Gunung kembar // jadi nyusu,   (87)
Paratna gunung haruman.

20.

Eusina mustika sari,
Medaling tarya parendra,
Nuhun ayu anu denok,
Pun Engkang téh neda mangap,
Saréhing ngabedah lawang,
Lawang Engkang anu arum,
Rungruman punjaning atma.

21.

Iyeu siloka digurit,
Taya sanés pasukaan,
Di alam dunya pangantén,
Pendekna iyeu carita,
Dewi Soja sareng Ahmad,
Sami enggeus pada lulus,
Bangbangan nyorang parawan.

22.

Siyang wengi madu sari,
Sawengi asa sajam,
Sabulan asa sapoé,
Kadalon-dalon ku betah,
Barang dietang nu enya,
Radén laina dicatur,
Di Manjeti tujuh bulan.

23.

Geus lami-lami katawis,
Raja putri Dewi Soja,
Kajadian putri bobot,