Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/171

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
172
 

Bobotna geus lima bulan,
Harita Rahadén Ahmad,
Siyang wengi helak-heluk,
Imut (sic) ka purwadaksina.

24.

Basaning purwa awit,
Daksina éta wekasan,
Radén imut ka sadérék,
Sakalangkung nya nalangsa,
Leungit suka kantun welas,
Rahadén Ahmad geus nyatur,
Ka garwana Dewi Soja.

25.

Duh Enéng pujaning ati,
Pun Engkang hatur uninga,
Ayeuna ka diri Enéng,
Engkang dongkap ngangluh manah,
Imut ka Engkang Muhammad,
Dulur Engkang anu kantun,
Nu leungit di jero alas.

26.

Jero leuweung gunung Mesir,
Sugan aya keneh bulawan (?),
Rek dibujeung ku Engkang téh,
Manawi aya kapendak,
Ngalap panasaran kalbu,
Dipatangankeun ku Engkang.

27.

Matur Dewi Soja putri,
Sumangga ngiring pidunga,
Ngiring dungana nu yaktos,
Tatapi ulah nyalira,
Candak para ejin rencang,
Carék Ahmad Enéng ridu,
Pun Engkang baé sorangan.