28. |
Sang putri deui ngalahir,
Kuma panghulu Marmaya,
Ku Engkang candak Wira téh,
Lohong ogé da lumani,
Bubuhan sepuh karamat,
Wantu gandék anu agung.
Hitir alaihi wasalam.
|
29. |
Gancangna ngutus hiji jin,
// nyatur panghulu Marmaya, (88)
Gancangna anu dicarios,
Umarmaya enggeus mangkat,
Arék ngadeuheus ka raja,
Kebat harita anggeus jung,
Geus teupang raja Ahmad.
|
30. |
Umarmaya enggeus calik,
Papayun-payun jeung raja,
Nya éta parabu anom,
Ngariyung jeung Dewi Soja,
Sadat putu sadat putra,
Sami na korsi lalungguh,
Dén Ahmad akur haturan.
XXVII. PANGKUR
|
1. |
Parbu anom Radén Ahmad,
Gék haturan uwa abdi badé pamit,
Sanajan néangan dulur,
Sakalangkung haying tepang,
Kitu deui tuwang putra saméméh jung,
Seja nyuhunkeun pituah,
Pamrihkeun putra ngungsi,
|
2. |
Muga nyuhungkeun dimanah,
Geus teu hilap ka putri sumangga ngiring,
|