Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/173

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
174
 

Neda senjata pituduh,
Marmaya imut ngandika,
Moga éta ditaros ku uwa tangtu,
Wiréh hamo nya kirang,
Karana putu nujum sisik.

3.

Tuwang bubut baréto mah,
Betal jemur padarosan samadayin,
Amung uwa nu nyangking auk,
Tapi coba susuganan,
Urang téyang sugan kapanggih dina buku,
Almenak surnal catatan,
Nu geus ditorah ku nabi.

4.

Teu lami di jero surbal,
Geus kapendak putra sang duwa lalinggih,
Ahmad Muhammad dicatur,
Ari nu ngaran Ahmad,
Piratueun di Manjeti anggeus tangtu,
Ari nu ngaran Muhammad,
Piratueun nagri Mesir.

5.

Jadi éta kang putra,
Ulah lubta néangan di jero Mesir,
Tangtu di dinya patepung,
Nya éta di Mesir pisan,
Malah mandar meneran terus jeung buku,
Jeung iyeu wasyiat,
Nyanggakeun kulku panyalin.

6.

Ku payah wulung rupana,
Mun dianggo bisa ngaleungit saperti jin,
Radén Ahmad nyembah batur,
Nampi pasihan jeung uwa,
Sinarengan kang putra galih piunjuk,