Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/175

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
176
 

Dipecutkeun datang kuda semprani,
Radén Ahmad suka kalbu,
Geus dicandak éta kuda,
Pék dipancal Radén Ahmad suka kalbu,
Gancangna Radén Ahmad,
Enggeus tunggang semparani.

12.

Ti Manjeti enggeus angkat,
Seug adéan éta kuda semparani,
Ti nagara enggeus jauh,
Biur ngatur ngawang-ngawang,
Mabur ka madya gantang enggeus cunduk,
Beuki tebih ti nagara,
Biyur mabur semparani.

13.

Ngahoang di awang-awang,
Sumiriwik bakating ku mabur tarik,
Cara béntang nambak timur,
Radén Ahmad geus lah-lahan,
Tina tarik kuda lumpat di luhur,
Teu lami deui adéan,
Barang rét Ahmad ningali.

14.

Ti luhur mulut ka handap,
Kembang boléd partela nagari Mesir,
Geus meneran kana kaputrén nyi ratu,
Perbu onom suka kalbu,
Ti luhur mudun ka handap,
Nya éta ka Siti Bagdad,
Waktuna enggeus dék maghrib.

15.

Kuda ditunda di luar,
Radén Ahmad geus nganggo kuluk panyalin,
Sup asup ka jero kadaton,.
Siti Bagdad anggeus nyampak,