Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/176

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
177
 

Dideuheusan ku emban ngabérés di payun,
Aing perbu anom Ahmad,
// teu katinggal ku Nyi putri.   (90)

16.

Radén Ahmad tuluy lengah,
Dinu suni linggih dina korsi gading,
Ngintip nu keur gunem catur,
Kocap deui Siti Bagdad,
Keur nyarita jeung oara emban ngariyung,
Pangandika Siti Bagdad,
Naha emban ari kami.

17.

Sumeyak nya pipikiran,
Serta anu kapibeungeut ku kami,
Bet pun Ahmad nu geus mampus,
Pikir emban nu hatureun,
Duka teuing pikir abdi mah tangtu,
Papada anak Nyi randa,
Bet isin kaliwat saking.

18.

Saur putri Siti Bagdad,
Kami ogé tibelatkan liwatsaking,
Kaduhung dibuwang jauh,
Tetapi ku panyaét mah,
Raden Ahmad moal enya bisa hirup,
Dipiceun ka enggon duwiksa,
Anu matak kitu kami.

19.

Sanajan kasép da somah,
Jadi wuwuh matak sangar bé di Mesir,
Awéwé loba nu ripuh,
Mereubutkeun kakasepan,
Kati Ahmad ngungkulan kasép ka ratu,
Jadi asup jalma panas,
Mana sukur ogé mati.