Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/177

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
178
 
20.

Kakuping ku Radén Ahmad,
Seug dibuka éta kuluk panyalin,
Dén Ahmad déhém di payun,
Barang rét putri ningalan,
Radén Ahmad aya di payun keur lungguh,
Ku putri hanteu katingal,
Barang katingal ku putri.

21.

Ngeleper Dén Siti Bagdad,
Atuh gusti naha atuh biwir kami,
Mana ngadalangsang saur,
Geuwat ka Ahmad di peugat,
Poma Enéng ulah dimalé ngaderuk,
Teu sawios hal éta mah,
Akang moal jadi pikir.

22.

Ngan kadiyeu téh akang,
Saperkawis rék nyokot kaos lankandi,
Saperkawis maksad,
Seja nyanggakeun hurmat,
Réhing Enéng baréto ngabuang jauh,
Harita Engkang dibuwang,
Ayeuna geus bijil deui.

XXVIII. Mijil

1.

Jeung katilu Engkang hatur warti,
Enggeus merebu anom,
Di nagri Manjeti karaton,
Sareng hatur warti deui,
Geus gaduh rarabi,
Raja putri Ayu.

2.

Putra kangjeng Sulaeman deui,
Nu gaduh karaton,
Jenengan garwa Engkang téh,