Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/178

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
179
 

Dewi Soja ing // Manjeti,       (91)
Siti Bagdad nguping,
Handeueul geus ratug.

3.

Teu kawawa segruk baé nangis,
Handeueul kaboyong,
Lamun teras manahna téh,
Tewék manéh tangtu aing,
Karebut lalaki,
Tur ku putri jauh.

4.

Radén Ahmad seug ngalahir deui,
Hé agan karaton,
Mowal lami pun Engkang téh,
Kaos panah jeung kakandi,
Pasihkeun ka abdi,
Siti bagdad matur.

5.

Aduh engkang abdi hatur warti,
Kaperkawis éndong,
Rawuh panah jeung kaos téh,
Ayeuna ku jisim abdi,
Paké pasanggiri,
Lamun Engkang purun.

6.

Kersa nikah diri jisim abdi,
Tangtu panah éndong,
Nyanggakeun éta kaos téh,
Radén Ahmad seug ngalahir,
Kari agan Putri,
Lamun mowal palsu.

7.

Ditangtukeun Engkang daék ngawin,
Cing atuh éta éndong,
Panah rawuh kaos téh,
Pasihkeun heula ka abdi,