Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/179

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
180
 

Mangga nurut abdi,
Siti Bagdad matur.

8.

Mowal leungit kaos jeung kakandi,
Mun puguh geus jodo,
Tangtu kaos jeung éndong téh,
Kasanggakeun ku sim abdi,
Lamun tacan kawin,
Geus mowal kahatur.


9.

Radén Ahmad kereyeng (?) ka putri,
Kulukna dianggo,
Les leungit Radén Ahmad téh,
Seug tuluy nyokot kakandi,
Panah kaos deui,
Kabéh geus katimu.

10.

Kapendakna dina ranjang katil,
Disoréndang éndong,
Ari panah jeung kaos téh,
Disimpen di jero kandi,
Geus jol payun putri,
Teu dianggo kuluk.

11.

Siti Bagdad damang saeukeur calik,
Harita olohok,
Réhna leungit Dén Ahmad téh,
Putri matur jero galih,
Pun Ahmad nya leungit,
Digjayana punjul.

12.

Basa leungit mancala putri,
Teu lami béh témbong,
Harepeun kénéh putri téh,
Sadisimpen kukuk buni,