Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/180

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
181
 

Dén Ahmad ngalahir,
Hé Nyi Putri palsu.

13.

Iyeu barang dicokot ku kami,
Kaos reujeung éndong,
Kuma pikarepeun manéh,
Ari menggah diri kami,
Teu siyeun sadetik,
Ngunghak kanu kitu.


14.

Mun hayang gé diajénan diri,
Mowal olo-olo,
// bener geulis diri manéh,   (92)
Ngan sipat anu katawis,
Atina mah musri,
Manéh goréng patut.

15.

Mun geulis gé meureun bkuti,
Manéh mowal jomlo,
Sumawonna diri manéh,
Saenyana diri kami,
Teu bogoh saeutik,
Putri goréng punyus.

16.

Putri muntah atina téh musrik,
Najan turunan parabot,
Da japilus niro (sic!) lonte,
Tah ayeuna geus kabukti,
Ceuk cacandran sidik,
Parabasa (sic!) karuhun.

17.

Najan geus montok kuning luwis,
Sipatna moncorong,
Buktina nya diri manéh,
Geulis ogé da werejit,