| (Guru wilangan teu cumpon). |
| 23. | Tatapina hanteu kumawani,
Da keur nyomah atuh,
Teu gumedé kawas manéh,
Sakitu Ahmad ngalahir,
Ahmad bari indit,
Siti Bagdad dikantun. |
| 24. | Radén Ahmad ka latar geus sumping,
Tunggang kuda layon,
Geus kaluar ti karaton,
Ka Nyi randa enggeus sumping,
Sono teu digurit,
Geus tepang jeung ibu. |
| 25. | Kacarios Siti Bagdad putri,
Meunang wirang angot,
Papuket pinuh cikasaer (?),
Késang badag késang leutik,
Beurat arék indit,
Kumambang nya kalbu.
XXIX. Maskumambang |
| 1. | // barang cengkat Radén putri terus nangis, (93)
Sasambat ka Emban,
Duh Emban kumaha kami,
Ayeuna meunang wiwirang. |
| 2. | Diri kami nampa nyeri-nyeri teuing,
Ayeuna kasorang,
Sabab meunang bendon kami,
Cacad diri kawirang. |
| 3. | Siyang wengi agan Siti Bagdad putri,
Nangis teu genah,
Sangsara lara wirang (sic!) nyeri ati, |