Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/183

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
184
 

Sangsara jadi tontonana.

4.

Beurang peuting sangsara baé Nyi Putri,
Tungtungna para Emban,
Teu tuwang teu leueut deui,
Bakating ku ngangluh manah.

5.

Para Emban sabeurang paeuting ngaping,
Dipasang dirgama,
Bilih kalepasan putri,
Bok bilih nyandak pakarang.

6.

Katuwangan beurang peuting ngawagiri,
Ku babéh para Emban,
Diririhan éta putri,
Gusti anggur barang tuwang.

7.

Tuwang dimanah ngawuwuh baé kasakit,
Cindekna nya manah,
Ulah ditampi kanyeri,
Kudu ditampa pamayar.

8.

Silokana mingguh nu nganjuk duwit,
Mun dongkap pamayar,
Salah mun ditampi nyeri,
Mémang agan kudu suka.

9.

Biheung teuing Ahmad mah leuwih ti Gusti,
Ka perhatin Ahmad,
Sumangga imutkeun Gusti,
Basa dina bongborotan.

10.

Diri pinuh ku panggebuk perejurit,
Palid ka banggawan,
Tapi teu dianggo nyeri,
Angger di tampi ku welas.

11.

Anggur manah muga- muga ka Gusti,
Sing kapiduriyat,