| Ari ahmad saba gusti,
Pameget teu samaneya. |
| 12. | Bener pisan anak randa tukang kuli,
Tatapi sumangga,
Pilih timbang mowal panggih,
Sabab pameget turunan. |
| 13. | Kapan tadi disebatkeun bandiri,
Yén menggah turunan,
Tangtu percaya téh teuing,
éta remesing kusumah. |
| 14. | Geura mangga sing awas tingali,
Sakitu cahaya,
Katun cahyaning ngajagi,
Bodo mun teu kasorang. |
| 15. | Agan putri nguping emban nu utami,
Bener naséhat,
Ras éling waras kaperih,
Ku manéh hadiyah.
XXX. KINANTI |
| 1. | Nyi putri tuluy lulun,
Sarta bari ngahariring,
Eta emban bener pisan,
Ku kang Ahmad kabogoh kami,
Putra bari sisindirin,
// menyanyi lagu (...), (94)
(...), soéh 4 baris
Tuluy dilulunan,
Nu welas jadi ka abdi. |
| 2. | Ari turut kana kayu,
Jadi sakulit sadaging,
Aduh lamun teu kasorang, |