Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/185

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
186
 

Kuda leuweung saba giri,
Diri kuring teh cilaka,
Taya babag (?) tulis diri.

3.

Rampadan dieusi madu,
Salipi dieusi petis,
Gamparan bendu sing waras,
Kuring ngimpi bodo tulis,
Jalan gedé pangangkatan,
Mugi terus reujeung bukti.

4.

Tuh Emban kumah atuh,
Pikir abdi asa ngimpi,
Rarasaan asa gundam,
Dilali-lali kaati,
Aduh Engkang Radén Ahmad,
Teu nyana kaliwat sakit.

5.

Walanda hideung serdadu,
Umambon baé sim kuring,
Kantong kulit disoréndang,
Tersempul di ati kuring,
Belut sisit saba darat,
Kapiraray beurang peuting.

6.

Sok ditunda Nyi putri Ayu,
Nyéta di jero kaputrin,
Ganti deui anu kocap,
Nyaritakeun Sultan Mesir,
Sir Maha Sutan Muhammad,
Mangsa harita keur linggih.

7.

Dideuheusan para ratu,
Sami lenggah dina korsi,
Raja Madinah Lan Mekah,
Raja Yaman sam jeung Turki,