Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/189

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
190
 

Pada caraos upeti,
Wiramaya Wirasentika,
Geus marek ka raja Habsi.

23.

Raja Habsi rét ka payun,
Ratu ningali ka patih,
Gancang baé mariksa,
Cing geura pok manéh muni (?),
Kumaha perkawis ngalamar,
Sumangga atawana hasil.

24.

Wiramaya nyembah matur,
Sumuhun parios Gusti,
Perkawis sembah panglamar,
Pendekna mah hanteu hasil,
Sumawonna abdi ditampi,
Malah serat ogé Gusti.

25.

Disasaak payun ratu,
Pangkat Panghulu Mesir,
Aing teu sudi teu hayang,
Baoga mantu Raja Musrik,
Bari serat disasaak,
Éta ku Panghulu Mesir.

26.

Saenggeusna serat dikitu,
Mala-mala jisim,
Abdi dijurungkeun sina mulang,
Gancangna jisim abdi,
Hanteu amit-amit acan,
Mundur ti payuneun Mesir.

XXXI. Durma

1.

Raja Habsah baang nguping,
Wiramay cengkat jeung ngadégdég pusing,
Haleuang bari jijingklak,