Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/190

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
191
 

Nyeuseul bari nyentak,
Tayoh (?) gélo siya anjing,
Bet daék ngucap,
Nurus tunjung taya pikir.

2.

Antukna mah bet leuleus kéjo poéna,
Siya pang aya di habsi,
Perjurit ngalaga,
Deudeul andelan Habsah,
Aya kitu ka aing,
Meni // euweuh guam,           (97)
Jadi teu salasahiji.

3.

Peupeuriheun lamaran hanteu ditampa,
Tibatan ditampa anggur pusing,
Serat ogén disasaak,
Éta lain nyasaak surat,
Tangtu éta diri aing,
Nu disasaak,
Ayeuna aing teu sudi.

4.

Bener aing jalanna ngalamar,
Ayeuna mah Siti paling,
Anu ngaran Siti bagdad,
Upama manéh teu bisa,
Balik léngoh ka Habsi,
Teu mawa aganna,
Tangtu siya bakal mati.

5.

Duwanana beuheung siya,
Tangtu murag,
Modar siya enggeus mati,
Dipaké pancer nagara,
Parépéh di dayeuh Habsah,
Helos siya geura indit,