Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
192
 

Dén Wiramaya jeung Wirasentika deui.

6.

Cedok nyembah payuneun Raja Habsah,
Geus kaluar ti nagari,
Ngan paduduaan,
Ceuk adina kuma akang,
Ceuk rakana kuma adi,
Perkawis urang,
Tina geus kituna Gusti.


7.

Ceuk adina bener mungguh jadi raja,
Ceuk cacandrén nini aki,
Wiwirang nu dikanjutan,
Éra nu dikantongan,
Mungguh urang kitu deui,
Engké biyasa,
Makan gajih unggal sasih.

8.

Payah hirup aranéh bubuhanana,
Mung kadé lali ka jangji,
Wasiat na pa urang,
Perkara nagri Habsah,
Engké dina zaman ahir,
Apesna habsah,
Ku anak incu Sang Nagri.

9.

Tiku (?) sabak sasiku paré andiya,
Ngan upama hiri dengki,
Saanak putu seuweu sang,
Wayahna ulah disorang,
Balina tiya mah nagri,
Hayu tarajang,
Ceuk rakana hayu adi.

10.

Nganggo kaos jimat nurutan Ramana,