Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/192

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
193
 

Dasar putu Raja eijn,
Enya éta Wiramaya,
Jeung radén Wirasentika,
Geus nganggo kaos jimat jin,
Dén Wiramaya,
Belesur masur ka Mesir.

11.

Henteu kocap Wiramaya di jalanna,
Ka nagri Mesir geus sumping,
Jeung Radén Wirasentika,
Geus lungsur ka kaputren,
Abus sapulu ti peuting,
Urang kaputren,
Disirep taya nu nyaring.

12.

Wiramaya geus asup kana kaputren,
Tuluy kana jero katil,
Kasampak Nyi siti Bagdad,
Eukeur kulem tibra pisan,
// tuluy diléléd sakali,       (98)
Eujeung balakna,
Nyi putri tuluy dipaling.

13.

Geus kaluar Wiramaya Wirasentika,
Sebur ti nagri Mesir geus tebih,
Kabeurangan di jalan,
Ku Wiramaya dibuka,
Barang béh penteu Nyi Putri,
Mani marakbak,
Pada nyiuman Néng putri,

14.

Jeung dibuka ku Wiramay sirepna,
Wiramaya seug ngalahir,
Mé adi paingan raja,
Habsah kaédanan,