Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/193

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
194
 

Ieu ka Rahadén putri,
Sakieu modélna,
Ngahep sakabéh Meswari.

15.

Siti Bagdad jeung hantem diciuman,
Jeung diguyah-guyah putri,
Kersana gugah,
Gancang Siti Bagdad gugah,
Kagét barina ngalahir,
Campur jeung reuwas,
Duh dimana ieu aing.

16.

Eujeung ieu saha lalaki duaan,
Jeung dimana ieu aing,
Wiramaya seug ngandika,
Ulah kagét Siti Bagdad,
Nyata ayeuna dipaling,
Buwat geureuhna,
Pikeun prameswari Habsi.

17.

Tacan tepi ieu téh karék di jalan,
Siti Bagdad geura tapis,
Aing henteu suka pisan,
Maké dipahing ku siya,
Geura seug pulangkeun deui,
Dén Wiramaya,
Némbalan ka Nyai putri.

18.

Montong baha da geus tepi ka jangjina,
Geus pasti bakal di paling,
Masing sabar waé manéh,
Masih gegejrét teu suka,
Moal enya balik deui,
Ngan kari nanya,
Ka raga katineung Nyai.