Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/194

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
195
 
19.

Mun wayahna kana milik mo cilaka,
Tangtu awét umur Nyai,
Upama henteu wayahna,
Nya kumaha baé engké,
Tapi engké di Habesi,
Ulah ayeuna mah,
Nya nimbung manah Nyai.

20.

Da akang mah bulu soca bulu tangan,
Piwarangan raja Habesi,
Maling agan Bagdad,
Kakocapkeun Siti Bagdad,
Henteu sasauran deui,
Dén Wiramaya,
Riyed seug diais deui.

21.

Sebrut deui geus angkat deui ti dinya,
Ka nagara Habesi geus sumping,
Kasondong raja Habsah,
Bari nyandak Siti Bagdad,
Raja habsi ningali,
Ngaranjug manah,
Lakadalah anu geulis.

22.

Hiyap Nyai mopo dénok anu lenjang,
// ieu Engkang Nyai,         (99)
Anu sugih anu gagah,
Hayang ku Engkang di Emban,
Demang demor jeung ngarigig,
Bawaning suka,
(....) sikimin (?).

23.

Raja Habsi geus teu puguh rarasaan,
Géték lain ateul lain,
Geus hayang baé huwap,