| Jadi kaur teu pakasa,
Ngan aya saperkasa,
Nu geus kalawan tafakur,
Siyap lantaran ganjaran. |
| 20. | Kudu capé heula nyeri,
Aya sahiji Ponggawa,
Nu makir saur Sang katong,
Jenengan Jaya Sutiya,
Putra Sir Maha Raja Sang,
Matur ka payuneun Ratu,
Kaulanun kangjeng Sultan. |
| 21. | Manawi ijin jeung Gusti,
Sumeja rék mi kir heula,
Jisim abdi ieu nembé,
Teu acan bala mahir perang,
Ngan rumaos susuganan,
Abi acan bisa sanggup,
Panuhun rék mikir heula. |
| 22. | Pangandika Sultan Mesir,
Sukur perda dimarotah,
Ceuk Ponggawa nu hiji téh,
Putra Demang takladira,
Jenenganna Wanajan Sim,
Abdi lain teu sanggup,
Ngan ku wegah rék nyusulna. |
| 23. | Datuk Bendara geus nguping,
Piunjuk para Ponggawa,
Taya pisan anu sanggup,
Perhatin Datuk bendara,
Tuluy ka masjid tirakat,
Neda-neda ka nu Agung, |