Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
202
 

Ditepangkeun deui jeung anak.

24.

Sigegkeun Panghulu Mesir,
Sarawuh Sir Maha Sultan,
Gusti anu dicarios,
Kocap di Karangkamulyan,
Nyi randa Lara Sumingkar,
Jeung Ahmad eukeur ngariyung,
Nyi randa kalangkung susah.


25.

// Ngeluk barina jeung nangis,   (102)
Kawas nu katingal hilang,
Ku Radén Ahmad ditaros,
Ibu kunaon kasawat,
Bet putra ngiring hawelas,
Sateu panten (?) ibu ngangluh,
Nalangsa naon sababna.

26.

Nyi randa gancang ngalahir,
Ibu seueur nya kasawat,
Enggeus puguh Ujang téh,
Bakal pisah jadi raja,
Ka Manjeti ing nagara,
Ayeuna katurug-turug,
Agan putri téh cilaka.

27.

Dipaling ku raja Habsi,
Ibu tambah nya hawelas,
Radén Ahmad langkung kagét,
Ibu kuring mah kakara,
Nembé nguping gén ayeuna,
Poma ibu ulah ngangluh,
Sumawonna manah wirang.

XXXIII. Wirangrong