Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/202

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
203
 
1.

Perkawis agan putri,
Ulah dipaké hawatos,
Tuwang putra sanggup nyusul,
Néang ka Nagri Habsi,
Ka ibu moal téga,
Bener enggeus di Manjeti,
Tapi sim kuring hawatos.

2.

Teu pasrah ninggalkeun ibu,
Manawi pareng mah kuring,
Jeung dulur tepang teu tepang,
Ti Mesir mah moal ingkah,
Anggur mah rék barang beuli,
Dagang kacang dagang jagung.


3.

Keur mamah hanteu kauntup,
Wantu modal ngan saeutik,
Aya untupan sumgga,
Ngan ku berat dianggona,
Ari rék dagang melati,
Sieun dituding meunang maok.

4.

Tangtu meureun omong batur,
Tukang maling kembang putrid,
Kuring sieun ditalian,
Didaptarkeun ka nagara,
Nyai randa suka ati,
Saenggeusna medal wiraos.

5.

Jeung atuh kaliwat langkung,
Sanggup nyusul ke Habesi,
Nyai randa seug ngandika,
Agan atuh Ujang mangga,
Keresa nyusul Gan Putri,