Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/204

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
205
 
11.

Kocap anu di kadaton,
Nya éta parameswari,
Katerap sirep galempar,
Siti Bagdad gé nunudutan,
Tapi sasambat mah putri,
Ngan Ahmad nu dicarios.

12.

Aya éling aya tunduh,
Radén Putri nyaring pakir,
Sumping Dén Ahmad ka dinya,
Bari nganggo kuluk jimat,
Gempar bérés prameswari,
Nu ngajaga gempar héés.

13.

Wiramaya deukeut pintu,
Jeung Wirasentika deui,
Saréna kalangkung tibra,
Nu maling sakama-kama,
Ahmad geus di jero puri,
Pungkurem (sic!) putrid teu témbong.

14.

Siti Bagdad keur ngadeluk,
Nyaring pikir agan putrid,
Ngocomang nyaur nyalira,
Kieu benekna sasambat,
Duh Kang Ahmad kuma kuring,
Keur nyeri katémbrong-témbrong.

15.

Ayeuna di tanah batur,
Jisim kuring suka mati,
Jeung daék ka Raja Habsah,
Kajeun balik baé ngaran,
Upama Kang Ahmad sumping,
Sim kuring ratuna atoh.

16.

Aya paéh jadi hirup,