|
Muga-muga ka Yang Widi,
Sing dicondongkeun manahna,
Tiyasa nyusul ka Habsah,
Radén Ahmad enggeus nguping,
Pungkureun putri nempo.
|
17. |
Seug dilaan éta kuluk,
Bari ditoél Dén putri,
Barang rét putrid ka tukang,
Tétéla Radén Ahmad,
Gabrug ngarontok Gan putrid,
Bakating ku tina atoh.
|
18. |
Duh Kang Ahmad anu punjul,
Gigjaya kalingga pati,
Teu kapalang teuing Engkang,
Keur kasép pancala putri,
Radén Ahmad seug ngalahir,
Naha Aneng (sic!) bet ngarontok.
|
19. |
Da Engkang mah lain nyusul,
// arék mulang ka Manjeti,
Ayeuna perkara urang, (104)
Silih du’akeun jeung agan,
Agan sing tetep di Habsi,
Jeung carogé mawi cocog.
|
20. |
Carogé Enéng heug ratu,
Sugih mukti taya tanding,
Babalikan diri Engkang,
Keur somah téh malarat,
Kakuping ku Enéng putri,
Seblak manahna tawalo.
|
21. |
Tina pangkon ngarumpuyuk,
Leuleus nya tulang sandi,
|