Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
207
 

Lami-lami Radén Ahmad,
Hawatos ningal raga,
Cara gambang Nyai putri,
Kuru regeng jeung tolongur.

22.

Pasemon mani nyamur,
Ried ku Radén Ahmad diais,
Nyaah teuing sobat Engkang,
Hayu Enéng urang mulih,
Gancang nu dicarios.

23.

Belesur Radén mabur,
Geus kaluar ti Habsi,
Siti Bagdad suka manah,
Geus mungkur jauh ti Habsi,
(Nomer 22 jeung 23 padalisan teu nyumponan).

XXXIV. Pangkur

1.

Saenggeus mungkur Radén Ahmad,
Pada gugah prameswari,
Aya nu hanteu lulungu,
Barang rét Siti Bagdad,
Hanteu aya parameswari galuyur,
Wiramaya Wirasentika,
Nguping Siti Bagdad leungit.

2.

Kagét jeung tibuburanjat,
Disidikkeun ka jero kaputrén putri,
Tétéla Dén putri mangpur,
Tapi lawang-lawang sadayana,
Masih pageuh taya nu muka pintu,
Wiramaya Wirasentika deui,
(padalisan teu cumpon).

3.

Jeung adi kuma petana,
Enggeus kieu tétéla yén putri leungit,