Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/207

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
208
 

Leungitna enggeus kamaphum,
Aya telik pangindar-indar jala,
Duta Maha lain samanéa tangtu,
Ing laga perkurit papak,
Coba rayi masing sidik.

4.

Disidikkeun taya tapak,
Nandakeun duta Maha perjurit,
Jeung kuma petana atuh,
Urang téh unjukkeun heula,
Ka Sang Raja wiréh putri deui,
Matur Radén Wirasentika,
Teu perlu unjukan deui.

5.

Jadi orang mun unjukan,
Jadi nyiar batuk bareuheun teuing,
Leuwih hadé urang susul,
Upama mun kapendak,
Hayang nyaho anu maling agan ayu,
Gancang Radén Wiramaya,
Jeung Wirasentika deui.

6.

Sebrut mabur duwanana,
// tunggang hao sumiripit bareng angin,   (105)
Gancang lampah nu dicatur,
Wiramaya kabeurangan,
Barang ningal ka handap katingal musuh,
Radén Ahmad eukeur angkat,
Sareng Siti Bagdad putrid.

7.

Keur angkat paduduaan,
Satung geuning titahan bangsa sidik,
Sebrut ka handap diburu,
Wiramaya Wirasentika,
Geus ka handap digeroan éta musuh,