Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/208

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
209
 

Éh digoan (?) duta Maha,
Coba tangkap mun lalaki.

8.

Siti Bagdad jeung Dén Ahmad,
Seug ngalirik putri ka Ahmad ngalahir,
Duh Engkang itu nu nyusul,
Radén Ahmad muka kasang,
Geuwat asup Nyai kana éndong nyumput,
Siti Bagdad ningal kasang,
Seug ningal sawang kori (?).

9.

Gancangna asup kana kasang,
Raos putri asa dina kamer sidik,
Geus tetep didinya nyumput,
Wiramaya Wirasentika,
Geus di payun Wiramaya nanya musuh,
Héy pun musuh durat maka,
Na di kamanakeun nya putri.

10.

Ayeuna euweuh tadi aya,
Siti Bagdadna dikamanakeun deui,
Saur Ahmad dina saku,
Naha muna bet tatanya,
Dék kumaha Wiramaya nyentak musuh,
Kadieukeun éta agan,
Naha mana wani-wani.

11.

Bisi manéh kurang terang,
Enya aya Senapati Habesi,
Andelan perang Batara puput,
Coba pikir masing enya,
Mending mana manéh paéh eujeung hirup,
Upama hayang waluya,
Kadieukeun agan putri.

12.

Radén Ahmad seug ngandika,