|
Lebih sukur lamun manéh perjurit,
Diajar kami jeung musuh,
Ngayonan sena ning ngalaga,
Rasa naon rasana ngayonan musuh,
Hai kuhir sana tulah,
Perkara ieu putri.
|
13. |
Mun geus pecah dada urang,
Nya di dinya geura bawa deui putri,
Wiramay keukeul ngadangu,
Séah ditéwak Dén Ahmad,
Radén Ahmad ngejat ngénca maja musuh,
Séah deui Wirasentika,
Néwak Ahmad méh kajingjing.
|
14. |
Datang deui Wiramaya,
Radén Ahmad kaleresan geus kacangking,
Ditutugkeun kana batu,
Ngan jungkel Radén Ahmad,
Radén Sentika geus néwak deui ti pungkur,
Dibalangkeun Dén Ahmad,
Ku Wiramaya kacangking.
|
15. |
// Diabalangkeun deui Ahmad, (106)
Seug dirangkap ku Wirasentika deui,
Dibalangkeun langkung jauh,
Payad (?) dialungkeun pisan,
Ka Wiramaya ditéwak deui musuh,
Ahmad tacan meunang peta,
Teu kaur kabuntang banting.
|
16. |
Ceuk Radén Wirasentika,
Haben baé akang geura buntang-banting,
Tacan eumeur mah sing musuh,
Ulah waka nguncalang,
|