Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/210

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
211
 

Wiramay néwak deui éta musuh,
Dibalangkeun deui Ahmad,
Wiramaya néwak deui.

17.

Keleweng deui dibalang,
Lila-lila Radén Ahmad jadi leutik,
Kawas orok budak lembut,
Kek deui Wirasentika,
Bari ngomong alah deui jadi lebur,
Barina biur dibalang,
Ti dinya les radén leungit.

18.

Ilang tampa karana,
Wiramaya kagét bari alak-ilik,
Kamana adi si musuh,
Kadé jaga Wirasentika,
Ulah balangah sing awas baé ka payun,
Bowa iyeu téh cilaka,
Mending lamun témbong deui.

19.

Kumaha mun terus mulang,
Kalakuan urang rusuh kurang titi,
Teu ditanya heula musuh,
Lemburna jeung ngaranna,
Jadi susah nyusulna geus tangtu nipung (?),
Teu lami Radén ngandika,
Sowara tan katingali.

20.

Aing moal enya mulang,
Jadi ngadoba (?) ka perjurit tan habsi,
Nandakeun perjurit punjul,
Coba deui aing téwak,
Raja deui aing téh dimana dumuk,
Coba deui geura tingal,
Dimana ayeuna sidik.