Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/211

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
212
 
21.

Wiramaya Wirasentika,
Leungit pusing barengan langsung ngabero (?) jeung risi,
Malah tambah nafsu ngawung,
Jeung nya manéh durat maka,
Geura témbong mun enya musuh pinunjul,
Urang jajal batara kala,
Takluti rasondari.

22.

Jeung sinepak ngawangkara,
Kami awon ulah miris mun lalaki,
Kawas setan nyumput teu puguh,
Kantara pamiris atawa,
Lalaki mah tara sumalindung kitu,
Dikira Wirasentika,
Pimejateun dina jurit.

23.

Dicatukeun urang Habsah,
Daék ngejat dina batara ajurit,
Barang keur susumbar kitu,
Jol Ahmad hareupeunana,
Carék Ahmad da aing gé moal // mundur,   (107)
Balika manéh mata peda,
Mata beunta teu ningali.

24.

Kek ditéwak Wiramaya,
Dibalangkeun kana cadas tijumpalik,
Dén Wirasentika muru,
Néwak katéwak ku Ahmad,
Seug diuleng dibubat diayun,
Dingotagkeun (?) kana cadas,
Jumpalik haregung ceurik.

25.

Geus ngaringkuk duwanana,
Tingkuliyat hudang bakating ku nyeri,
Wiramaya nyabut duhung,